Kamis, 12 April 2012

Hijab Diri

Ari anu jadi hijab kana diri, lain gunung lain pasir, atawa laut sagara, tapi lantaran kolbu belewuk, jadi buta jaladra, poek mongkleng buta radin, kalimpudan ku napsu amarah, dipapaes ku goreng hate, komo deui hiri dengki, hasud, takabur, asa aing uyah kidul.

Katipu

Kade
ulah rek katipu ku hejona
lautan,ulah kabita ku
rayuan ombak
lautan.hejo soteh rupana
da ari eusinamah matak
cilaka jeung matak
sangsara.sing rajìn
neangan ilmu,margi ilmu
anu bakal bisa
mentaskeun dina lautan
kahirupan.

Dzikrul Maut

Wanci peuting nu ngajadi saksi, sepi jempling nu ngajirim jadi wawanti kana diri.
Mangsa nyorangan taya jalma anu lian, ukur sora engapan nu maturan, maksa rasa kana katangtuan tinu Maha Kawasa.
Ret ka sakuriling anu poek mongkleng buta radin.
Kaayaan nu sarupa niscaya bakal karandapan...
Naha urang geus siap nyinghareupan mangsa eta ??
Mangsa dimana raga papisah jeung nyawa, mangsa geusan mulang ka alam barzah, mangsa sanak kulawarga ngan bisa muragkeun cimata..
Tinggal amal nu dilakonan mangsa hirup kumelendang dialam dunya, nu baris nulungan.

Ulah Kapalang Sabar

Ulah nya kapalang sabar anaking, da kieu geus guratna ari hirup di alam dunya mah, mun keur meujeuhna tunggara, sok nete semplek nincak semplak, tong dijieun aral subaha, sumawona nyapa awak sorangan, eum..,ulah ulah kitu jang!, angurmah urang pada sadar, prak aromean anu salah sangkan bener, lempeungkeun anu bengkok, surupkeun jeung katangtuan tinu maha kawasa, make cara nu katarima kurasa tur akal anu pinuh ku kasabaran.

Ngariung

Hayu batur urang ngariung, rempug jukung sauyunan dina jalan kahadean, urang pada-pada silih wasiatan dina hal kasobaran tur hal bebeneran (Haq), omat ulah salah harti tina kecap napsi-napsi, margi sok aya sapalih jalmi nu cumarita 'ah napsi-napsi weh hirup mah, amal maneh keur maneh amal urang keur urang'.
Harti napsi-napsi nu sayakti mah nyaeta dimana urang geus asup kana liang kubur, maot pingaraneun nana..,timimiti harita urang pada napsi-napsi nanggung jawab diri masing-masing kana amal perbuatan nu dilakonan samangsa hirup kumelendang dialam dunya.

Keur Budak Ngora

Kahade ka barudak ngora, sing rintih sing ati2 dina enggoning ngalengkah ngambah kahirupan dijaman kiwari nu geus serba caranggih, rea pisan dogdog pangrewongna jaman ayeunamah..,sasatna mah ulah haripeut ku teuteureuyeun, loba halna nu ngan saukur tipu daya, temahna hirup matak cilaka..

Takbir

Aweuhan sora takbiran titiap mushola, matak sumeblak kana manah.., gumuruh sora bedug nu nyentug kana qolbu..,tihtir ngingkik ti masjid-masjid matri kana ati sanubari...
TAKBIR>Mungguh Alloh nu maha agung, Dzat tempat sakabeh mahluk gumantung jeung menta pitulung, tina sagala rungrung kabingung.
TAHLIL>Taya deui pangeran anu haq disembah anging Alloh nu maha tunggal, taya nu nyasamian hal nuanyar jeung tisadaya mahlukna.
TAHMID>Sareng mung ka Alloh hungkul sumber sagala puji sareng hak nu dipuji, tina rupi2 sipat nu pantes dipuji.

Nu Taat

Umat taat
Imana kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syahadat Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Kahaji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat Bhatin wal afiat
Elmuna mangfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat Luhur martabat
Loba sobat
Mindeung tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Duniya nikmat Sugema akherat

Gugur

Ulah gugur
samemeh tempur,
ulah perlaya
samemeh perang.
Indit ka medan jerit
ulah dengki,
lumampah ka
medan dadalaga
ulah dendam,
lumaku ka medan
tempur ulah ujub

Modal Hirup

“Modal HIRUP teh salah
sahijina nyaeta HURIP,
Tapi neangan HURIP teh
kudu ku HURUP,
Lain ku HAREP…”
Hartina:
Modal urang nyorang
HIRUP teh nyaeta HURIP
atawa kamakmuran
(kabeungharan), tapina
neangan HURIP teh kudu
ku HURUP, nyaeta ku
Elmu atawa Pangabisa.
Sedengkeun neang Elmu
teh kudu ku Maca (Iqro)
naon-naon nu aya
sabudeureun urang.
Neangan HURIP teh lain
ku HAREP, ngandung
harti nyaeta lain ku
Ngarep-ngarep atawa
Ngalamun atawa
Susuganan.

Apal Kana Diri

Tunggul tong
dirurud, catang
tong dirumpak,
hirup katungkul ku
umur, paeh teu
nyaho dimangsa.
Sing inget kana
purwadaksi, purwa
wiwitan, daksi
wekasan. Hartina
sing apal kana diri,
asal timana?, cicing
dimana? Balik
kamana?

Sarua Jeung Sa ati

Nyukcruk galur nu
kapungkur, mapay
laratan anu baheula,
nitih wanci nu
kamari, ninggang
mangsa nu
sampurna. Sanajan
urang beda tapi
sarua, sanajan teu
ngahiji tapi sa ati,
milari ridho gusti nu
Sajati.

Bakal Pinanggih Jeung Poe akhir

Urang teh bakal
pinanggih jeung
poe akhir, nu
ngandung harti poe
pamungkas, raga
ditinggalkeun
nyawa, maot
pingaraneunana.
Bakal digiring
kurung keur kuring,
bakal dibulen
saeneng-eneng,
bakal ngagebleg
deui jeung
mantena.

Kadar Gusti

Saban-saban robah
mangsa ganti wanci ilang
bulan kurunyung taun,
sok mineng kabandungan
jelema, sanajan ngalamun
salaput umur, kahayang
patema-tema, karep
heunteu reureuh-reureuh.
dageuning nu bakal karasa
mah anging kadar ti
pangeran, manusa kadar
rancana, kabul aya tinu
Maha Agung, Laksana aya
tinu Maha Kawasa.

Syrukur kana nikmat

Mun seug ditilik ditalungtik, diteuteup ditenget-tenget, nyata tur pertela sampurna pisan Alloh Ta'ala nyiptakeun bentuk wujud urang.
Mata jeung awasna, ceuli jeung dengena, irung jeung ambeuna, letah jeung rasana..jeung rea-rea deui, tapi naha urang tara syukur, kana ni'mat anu sakieu gedena.
Kamomorekeun ku ni'mat leutik nu disebut DUIT, bari can tangtu eta duit bisa meuli kani'matan nu tadi ka sebut.

Ulah Ka jongjonan

Bulan teu datang nembongan siga anu keur pundung, peuting poek mongkleng teu kaciri curuk-curuk acan, sora manuk incuing patembalan jeung buuek.
Mere pangeling-ngeling ka diri yen datangna ajal tara mere beja, datang sahayangna, norojol
nyokot bongohna.
Hudang-hudang, hudangkeun sukma anjeun ulah nepika jongjonan poho kanu Maha Agung.
Akherat pangbalikan urang sararea.

Enteng Jeung Bangga

Enteng jeung bangga kangangaranan ngalakonan hirup ngarumah tangga, bisa kabayang nyandingkeun dua insan anu beda carita kahirupanana jeung ngahijikeun dua kahayang anu beda.
Kaum la2ki kade sing bisa jadi imam, pamimpin rintih apik dina ngadi2k anu jadi istri anu mangrupi ti2pan ti Ilahi, anjeun bakal dipenta tanggunjawabna di dunya katut akherat.
Anu jadi istri kudu ajrih ka salaki, kudu tumut tur ngagugu kana pituduhna kalayan di dasaran ku kaikhlasan ngabdi ka salaki, bisa ngajaga kahormatan harkat martabat keluwarga.

Sabar

Sabar... sabar terus mecut diri, ngetrukeun elmu panemu nepika muduk, meres tanaga nepika beak teu nyesa, pikeun ngalengkah ikhtiar...
Sanajan karasa gejed pajeujeut tetep nikreuh ngeureuyeuh ngusahakeun eusi beuteung, ulah dijieun pondok harepan...
Ulah kabita ku cangkang lobana dunya barana, nu bru dijuru bro dipanto, eta mah ngan saukur tetenjoan wungkul anu can karuhan karasa senang...
Tarimakeun n'ikmat nu hakekat, rizki anu hakiki... Sanyatana anu mawa urang ngarasa deukeut ngadeuheus ka Mantena, nyaeta Allah SWT.

Repok

Milih-milih rabi, milah - milah rasa, sing asak - asak nya ngejo, bisi tutung tambagana, sing asak - asak nya nenjo, bisi kaduhung jagana.
Ceuk kolot baheula, lamun neangan pipamajikaneun atawa pisalakieun teh kudu neangan weton anu repok, contona weton minggu repokna ka weton rebo, sok padahal anu dimaksud repok didinya teh sau'ukur siloka, anu ku urang kudu di pikiran deui maksudna.
Rep mibanda harti eureun ngomong atawa jempe.
Pok mibanda harti cumarita atawa ngomong, tah lamun dilenyepan mah yen pilih genti, anu hiji ngomong, anu hiji jempe tinangtu moal aya pipaseaeun.

Indung

Kanyaahna nu jadi indung tara lipur ku waktu, tara pernah laas ku mangsa..
Timimiti janin dikandung, dina rahim, terus ngaborojol jadi orok, teras mangkat mangrupa budak, ngajangelek tepika gede.., malah najan geus pada rumah tangga boga kawajiban..
Kanyaah, kadeudeuh indung tetep nanceb, parat kanu jadi anakna..

Emh.., emaaa.., hampuraa.., rumasa anak geus joledar ma...

Tafakuranen

Cihujan ragrag ti langit,
tuluy turun ninggang
gunung, nyerep kana
taneuh, kaluar tina akar
terus ngocor ka solakan,
akhirna murag ka
walungan...
Lalampahan eta cai
henteu ngan semet
dinya..
Tigirang terus lumampah
ka hilir.., nabarak batu nu
ngajentul, kadang muih
dina leuwi, sakapeung
sok ngahuleng lamun
tepung jeung bendungan..
Cai tara putus asa komo
pondok pangharepan,
reureuh nungguan
dibendungan satuluyna
bisa ngaliwatan luhurna
tanggul.., akhirna parat
tepi ka muara..
Cai nandangan rupa-rupa
kasulitan tur kasusah,
malah kudu ngalaman
rubah warna jeung rasa
sangkan bisa tepung
jeung dulur dilaut..,
patepang jeung baraya
hirup babarengan, heureuy gogonjakan, silih udag jadi Ombak Sagara..

Nu Geus puguh Aya

Aya paribasa Moro julang ngaleupaskeunpeusing,
Nungu nungu nu can tangtu, hanas nu aya dileupaskeun..
Kabita ku barang nu teu jiga, kapincut ku wujud nu can tangtu..
Ulah sok pipilueun kunu teu eujeun..Kaperdaya kababawa
ku hal nu teu sapira melaan nunda hal anu enya temahna matak cilaka..
Kabongbroy kunu kasohor, komo tepika kagiur ku bogabatur, eta teh matak ancur.

Angurmah prak rawat nu geus puguh aya, nu ku urang dipiboga, 

boh banda boh naon wae nu geus jadi milik nasib diri..

Pek rawatan cing geten tulaten, tong galideur, tong meleng kanu sejen..
Cing tepika kapeutik hasilna kaala buahna, 

ngarah karabut beutina, ngarah karasa ngeunahna.

Anu Pasti Ayana

Ngudag - ngudag kalangkang heulang.
Mibanda harti ngudag hiji perkara anu can puguh.

Matakna kade bisi milampah hiji perkara anu teu puguh, keuna kana babasaan cul dog - dog tingal igel,
moro julang ngaleupaskeunpeusing,
anu sidik geus katarima sanajan leutik ngadon miharep anu gede tapi can karuhan ayana.
Tarimakeun rejeki anu leutik oge anu penting mirilik,
hakekat kumaha syare'at.

Ulah poho ngucap syukur ka Allah SWT

anu geus mangpirang -pirang nurunkeun rejekina ka urang sararea, 
saeutik sing mahi komo lamun loba sing nyesa.

Rasa Pang aingna

Aya paribasa lodong kosong ngeuntrung sora na.
Eta hiji babasa an nu geus teu bireuk di urang.
Tapi kadang2 teu karasa ngaraksuk ka diri urang urang.
Lamun geus datang mangsa na panyakit nu model kitu
Sok maksa kana kahayang nu teu bisa ge di bisa2.
Omongan alim ka luhuran, 

ngawangkong jiga nu nyaho cacarita jiga nu nyata.rasa aing anu bisa.
Ngomong pertentang teu ka palang bari teu puguh ka mana kareup

Sangkan batur bisa ka sireup.
Asok ngagul2 batur asok mamawa ka batur da puguh diri na kosong nu kitu ngaran takabur
jalma nu loba omong na.biasa namah sok loba bohong na.
jalma nu sok ngomongkeun batur nu sok nga gogoreng batur,
biasa na mah sok leuwìh goreng batan nu goreng keun.
Hirup amah kudu kospare mingkin beuneur, mingkin tungkul, ngeluk beurat ku eusi.
Eusi elmu pangaweuruh na,
lain hasil tinu teu puguh tapi iyeu mah geus puguh hasil ti guru nu lungguh,
Sabab elmu agama mah beda jeung elmu nu lian 

teu cupar ngan kur di baca, kudu di aji keun heula ngarah puguh ka ditu na.
Nu ngaran guru mah loba tapi hese di pilih na.
Sabab salah milih guru paur euke di ditu na, urang pasti cilaka na.
Sanjan elmu sa eutik tapi geus bisa make na eta mangpa,at ngarana.
Sanajan elmu na loba ampir minuhan sagara,
tapi teu bisa make na tangtu cilaka ahir na.
Na,udzu bilah summa na,udzu billah.
Sakitu nu ka pihatur.Nu leupat na tina ka bodoan sim kuring,
upami tea mah aya sala sahiji nu leureus na, semata2 ti manteuna.
Muga jeumbar pangapunteun.

Nasib Urang

Nasib teu bisa di pungkir, kadar teu bisa di singlar.
Titis tulis bagja cilaka, urang mah teu ngaboga - boga, anging anu Maha Kawasa.
Mun geus cunduk kana waktu, ninggang kana mangsana tumiba rek kasaha bae.
Mun nyorang nasib hade, poma urang ulah gumede kudu inget waktu keur jore.
Lamun nasib nu keur jore, nete semplek nincak semplak, kitu salah kieu lain hese ngalubarkeunana.
Matak urang kudu waspada nalika bungah, loba batur loba baraya, ku tatanga ge di tanya, ku sasama pada nyapa, teu cara hirup keur susah, euweuh nu nakon, euweuh nu nanya, batur ulin jadi apilain, sasama ge teu mirosea.
Lain beja lain cenah, malah karasa ku kuring, hirup mah heuheuy jeung deudeuh, mun keur bungah cape seuri, mun keur sedih cape ceurik.
Tah ku kitu nu namina kahirupan teh.
Sakuduna mah mun keur bungah kudu sedih, mun keur sedih kudu bungah, jadi moal pinanggih jeung kasusah.
Sakitu nu kapihatur, ieu mah etang-etang ngupahan awak sorangan bae.
Mugia jembar pangapunten.

Papatah

Ujang nu kasep... !!
Sing jadi lalaki langit lalandang jagat..
Nu teu unggut kalinduan .. gedag kaanginan
Salawasna ngabogaan pamadegan hirup..
Suka pejet batan ngejat..
Kajeun lebur teu lebar naruhkeun pati..
Demi ngabelaan kahormatan kulawarga..
Omat...
Sing jadi tuturus laku enggoning sumujud kanu Maha Agung..
Jadi pola lampah kulawarga dina papantunan hirup..
Hidep teh benteng di rumah tangga..


Nyai nu geulis.... !!
Sing jadi istri raspati.. anu tumut turut ka salaki
Nu teu aral dina nyinghareupan galura kahirupan
Sing bisa ngajaga kaharmonisan rumah tangga
Mihapekeun...
Meunang rizki saeutik sing bisa mahi..
Meunang rizki loba sing jadi barokah..
Omat..
Kaharmonisan kulawarga,
aya dina leungeun hidep..


Ujang... Nyai.... !!
Sok geura teuleuman ieu kahirupan..
Omat ulah loba pacengkadan..
Amparkeun sajadah panjang..
Pasrah sumerah kanu Maha kawasa..
Indung bapa hidep... Bakal marengan sapanjang jalan.

Kanyaah

Nyukcruk galur sunnah Rosul, nete taraje nincak hambalan, sing kade urang ulah leupas tina tilu hal ieu.
Jadi urang kudu prak teangan galur nu ku urang rek di pilampah, panggihan heula elmuna tong waka milampah pagawean bisi ka asup ka bawa ku sakaba - kaba, dina perkara naon wae oge, nu utamana pisan dina bidang agama malah wajib kasebutna, anu ngarana wajib di tingalkeun jadi dosa, mun di pilampah bakal meunang pahala.
Contona :
Bebereusih we heula, adus kasebutna.
Teu bener adusna tinangtu moal jadi ibadah kanu sejena, lantaran eta pangkal mimitina, sakalian jeung jampe niatna (nawaetuna), adus mangrupa hadast gede, beres eta prak susuci deui hadast leutik nyaeta wudzu, sing tartib nalika wudzu, ulah ngan saukur baseuh wungkul tapi kudu ngumbah,
Naha kitu.?!
Sabab beda ngabaseuhan jeung ngumbah mah, anu ngarana ngumbah kudu nepika kakucel sakur anggota badan anu kaasup kana rukun wudzu ( ulah asal2an ).
Malahan mah kudu di praktekeun jeung anu di piguru ku urang eta leuwih utama, sabab beurat tanggungjawabna
naha kitu.?!
Apanan ayeuna mah loba buku beulieun teu kaasup ngaguru eta mah.
Tah iyeu we lah lenyepan heula, gampang masalah hadist, dalil jeung sajabana mah, anu hese mah ngalaksanakeunana.
Boga elmu sagunung teu di pake jeung teu di amalkeun mah beurat ( mubah ), sok sanajan elmu ngan sakitu - kituna tapi di pake jeung di amalkeun eta ngarana manfa'at tea.
Iyeu mah etang - etang pangwawadi ka diri sorangan, umumna ka sadayana, sami - sami pada diajar.
Mugia ageung pangapunten.

Panon Poe

Layung beulah kulon geus nebongan,
ciciren wanci beurang rek miang, di ganti ku peuting...

Datang jeung mulangna panon poe tara jalir kana janji pastina...

Sing jadi eunteung pikeun diri urang,
kudu tigin kana janji anu geus di pasinikeun,
ulah sulaya kana basa anu geus di ucapkeun...
Tohonan eta janji sanajan loba halanganana.

Talek Jeung Tanya

Ngabangbrangkeun rupa kasusah tina kasangsaraan dunya.., ngaleupaskeun bangbaluh karipuh tina pakusutna hirup.., kujalan neangan kasenangan tina rupa kadunyaan.., lir ibarat keur meujeuhna haus tuluy nginum cai laut, hanaang lain ilang, rasa halablah malah tambah ngentab...

Pek talek eta hate, prak tanya eta manah, naon nu karasa tur karandapan nalika keur bingung lumpat kana ruangriung di panggung, nalika pusing indit ka diskotik, nalika susah angkat kana tempat hiburan..??

Mangga wilujeng ngareureuhkeun tekad ucap lampah urang ku cara sujud ka Pangeran..

Fakta Anu Nyata

Teu bisa disumput-sumput, teu bisa dibuni-buni, kiwari kondisi nagri ibu pertiwi keur aya dina prihatin, kaayaan bangsa keur aya dina kanalangsaan..

Gamblang tur nyata tikawitan para pangurus nagara tepika rahayatna keur meujeuhna pagaliwota ngajaga kahormatan lan kasalametan dirina tina hariwangna sieun kakurangan rijki di dunyana...

Mun seug urang daek ngaku kalawan jujur, rasa "sieun", nu ngabalukarkeun iyeu kaayaan teu bisa dikadalian..
sieun teu dahar
sieun teu beunghar
sieun malarat
sieun kalaparan
sieun teu kaangkat jadi pejabat
sieun..sieun..jeung sakabeh kasieun ku masalah dunya.
Rasa sieun nu eta nu ngompa, ngadorong kabeh jelema pikeun ngerahkeun sagalarupa cara jeung pangabisana pikeun usaha neangan harta anu saloba-lobana..

Ngan edas rasa kasieun eta teu diimbangan ku kasieun nyinghareupan siksa kubur, teu diimbangan ku kasieun nyinghareupan panasna seuneu naraka..

Tah mun geus kitu kayaanana, iyeu balukarna nu kaalaman ku urang salarea..
Hirup jauh tina katenangan jeung katengtreman, padahal cicing dina kamewahan, kagampangan, kasenangan..

Yu ah...., meujeuhna urang salarea baralik deui kana jalan anu utama, jalan anu nuju kana kabagjaan anu sautuhna, jalan anu teu ngajadikeun kasenangan dunya pikeun tujuan utama..
Dunya cukup dijadikeun alat jang ngahontal kabagjaan anu langgeng jaga di Akherat...

Luh Lah jeung Rumahuh

'Luh-lah, salempang,
rumahuh, alatan mikiran
kakurangan masalah
Dunya, estu matak poek
kana hate, alhasil kaituna
terus weh luh-lah,
salempang, jeung
rumahuh nu beuki
tambah parna..

Tapi mun eta luh-lah,
salempang, rumahuh
alatan mikiran kakurangan bekel jang
jaga di Akherat, estu
matak caang jeung
tengtrem kana hate..!'.

Sakecap Jeung Saliwat

Sakecap weh maksakeun
ngucapkeun perkara nu
matak eling ka Pangeran,
nyelangan rebuan ucapan
anu matak mopohokeun
Pangeran..
Saliwat weh maksakeun
mikiran tina tanda ka
Agungan Pangeran
nyelangan huleng
jentulna mikiran
kahirupan nu ceuk
rarasaan asa rudet
karandapan..

Sakecap..., saliwat...,
nyoba ngelingan diri sorangan yen
hirup didunya moal salilana..!'

Nafsi - Nafsi

Hiji kecap nu sok kaluar ti jalma anu sok nolak mun dibejaan, dielingan kana hal kabeneran..., "ah..., napsi-napsi weh, hirup urang keur urang, hirup maneh keur maneh..!!", kitu biasana basa nu kedal.

Mun seug urang daek mikir, saeutik weh tina sakatukangeun kasombongan diri urang salaku manusa, yen nu ngarana hirup di alam dunya mah, manusa teu bisa hirup sorangan, rek sakumaha kawasa, rek sakumaha beunghar ku harta, rek sakumaha sagala bisa, tetep manusa butuh ku batur nu maturan..

Silih elingan.., silih bejaan.., eta sabagian tina kauntungan hirup loba batur, loba baraya..

Meungpeung urang masih keneh hirup aya di iyeu alam dunya, yu urang pada-pada silih elingan, silih bejaan kana jalan bebeneran, keun teundeun eta kecap NAPSI-NAPSI teh, da sabenerna eta kecap NAPSI-NAPSI bakal dipake jaga di Akherat, dimana sakabeh jalma dipenta pertanggung jawaban amal (di Hisab) kahirupan keur di dunya, rek dulur, rek batur, dalah kolot urang nu salawasna mikanyaah ka diri urang, mangsa harita mah, moal bisa mantuan, estuning NAPSI-NAPSI, mempertanggung jawabkeun amalna sewang-sewangan..

Gera Padungdung

Prung gera padungdung
bral gera tatandang,
singhareupan rumeukna
iyeu kahirupan kalawan
teuneung jeung ludeung...

Niatan kalawan ka
ikhlasan, miharep Ridlo
Pangeran ku jalan usaha
jeung ikhtiar
ngalaksanakeun
kawajiban nyumponan kifayah
kulawarga lan anak
pamajikan..

Piceun rasa kasieun,
hulag rasa kamelang, pon
komo deui tepika jerih
pati, ulah gancang putus
asa rek serah bongkokan..

Salila urang make cara nu
teu pasalia jeung aturan
agama katut darigama,
tinangtu urang bakal aya
dina panangtayungan
Alloh Taa'la, Pangeran
anu Maha Gagah anu
Maha nga-Rizqian sadaya
mahlukna, nu
kumelendang disadaya
alam..

Akal

'jalma ngabogaan AKAL, eta nu ngabedakeun jalma leuwih MULYA batan mahluk liana di alam dunya, tapi tong salah 'kamulyaan' jalma bisa robah, gumantung kana cara jalma dina ngagunakeun eta 'akal'na, pek talaa'h..
1. Akal teu digunakeun alias tara dipake mikir, teu beda jeung embe nu tara daek mikir.
2. Akal digunakeun kana kajahatan, leuwih pohara hina jeung ngamudorotkeun tibatan kajahatan sato nu pangjahat-jahatna..
3. Akal digunakeun kana kahadean, bakal maslahat jeung ngangkat darajat kamulyaan jalma anu kacida luhungna, malah ceuk katerangan mah, bisa ngabandingan kamulyaana para Malaikat..

Prak pilihan aya di hidep sorangan.

Talqin

Titis tulis ti hyang widi, bagja awak tinu maha kawasa, nyata tur pertela nyawa teu ngaboga-boga, estu mung saukur ngurung waktu jatah kumelendang di alam dunya nu mangrupa amanah ti Alloh Taa'la..

Lebah dieu urang kudu Talqin, Talqin nu ngandung harti 'ditelek-telek cing tepika yaqin', rehna utek tongo walang taga, sakumna mahluk nu nyawaan nu aya di alam dunya, baris pinanggih jeung poe akhir, maot pingaraneunana..
Bral geura lumampah ngadeuheusan Pangeran, kalawan mawa kaimanan tur kaislaman, sarta amal ibadah, geusan bekel di alam kalanggengan.., pidu'a ti kami wargi nu aya di bumi, baraya nu masih aya di alam dunya, mugia anjeun cing aya dina pangampura Pangeran kalawan ditempatkeun dina tempat anu pinuh ku Rohmat Kanyaah Mantena, nyatana Alloh Taa'la, Dzat anu ngahirupkeun sareng anu ngamaotkeun sanes kanten mahluk nu kumelendang di sadaya alam.

Tong Kababawa ku kaayaan

pek titenan eta ci susu, rek susu indung atawa susu sapi, sok sanajan hirupna, tempatna eta ci susu pagiling gisik jeung nanah atawa getih.., tapi teu weleh ngamangpaatkeun jang kasehatan, salila ci susu can keuna ku basi..., tuh tempo lauk laut sok sanajan sa umur-umur cicing dina cai anu asin, salila manehna hirup, rasa dina awakna tara kababawa asin..!'.

Eta tanda alam ngandung papatah mun seug urang daek nalaah tur ngalenyepan..

Salila ka-Imanan dina diri manusa masih ngancik kalawan yaqin, geus tinangtu moal rek ungut kalinduan, gedag kaanginan, sok sanajan mangsa ayeuna kaayaan nagara keur meujeuhna pohara rongkah pasalia acak-acakan..

Senin, 09 April 2012

Jalma Nu Sumerah


Aya beja matak bungah keur jalma anu sumerah
Anu resep amal ibadah nu ngomean lampah salah
Ka jelema nu laku hade
Rek lalaki rek awewe Alloh moal hare - hare
Bakal di ganjar kunu hade
Matuhna oge di Sawarga nu endah kacida
Langgeng matuhna didinya
Linggih di jannatunna'im
Patempatan anu mu'min
Sawarga kani'matan nu di dunya taya bandingan

Kuring Jeung Anjeun


·         Saha ari anjeun
Kuring jeung anjeun teh saha ?
Neangan saha kuring
Neangan saha anjeun
Kuring jeung anjeun teh neangan saha ?
Di mana kuring
Di mana anjeun
Kuring jeung anjeun teh di mana ?
Rek ka mana kuring
Rek ka mana anjeun
Kuring jeung anjeun teh rek ka mana ?
Naha kuring teh anjeun ?
Atawa anjeun teh kuring ?

Beh na mah…
Geuning kuring jeung anjeun teh sarupa, sajiwa, saraga
Tunggal mahluk Nu Murbeng Alam
Ukur darma wawayangan
Usik malik anging kersa manten-Na
Sumerah sadrah anging ka Gusti na
Waluya mun panjeg dina papagon karahayuan,
Karahayuan nu manungga
Manunggal Kresna lan Samiaji

Ulah Kajongjonan


·         Ujang, nyai ... Geus manggih naon hidep salila iyeu teh ?
Masih keneh inget kanu nyuhun jeung nanggung ?
Omat anaking, sing inget ka pangbalikan
Ulah kajongjonan teuing leuleumpangan teh bisi tisoledat lengkah
Leuheung basa mun sakadar labuh biasa
Kumaha lamun labuhna kana jurang anu jero

Jimat Hariring


·         Neda Widi Ka Nu Agung
Neda Asih Maha Suci
Pangriksa Maha Kawasa
Pangaping Paraji Sakti
Pangruwat Karuhun Sunda
Nyanggakeun ieu Pangbakti

Pangbakti Jadi Piwuruk
Papagah ka Utun Injih
Pibekeleun Hidep Jaga
Neng Galuh Kumala Murti
Nu Medal ka Panca Tengah
Masing Diaping Dijaring

Waluya Anu Dipundut
Rahayu Nungkupan Diri
Tebih Tina Duruwiksa
Cageur Lahir Bageur Batin
Bener Perbawa Asalna
Ginuluran Asih Gusti

Gusti Anu Dipituhu
Kudrat-Na Hidep Ngajadi
Hirup Hurip ti Anjeuna
Sing Apik Metakeun Diri
Di Dunya Ukur Ngumbara
Poma Hilap Purwadaksi

Purwa Mawa Pangaweruh
Daksina di Alam Mulki
Mulki teh wujudna Dunya
Dunya Ageung Dunya Alit
Sadaya Tunggal Mahlukna
Tempat Hidep Nyiar Harti

Kotektak Harti sing Luhung
Karatak Harta sing Sugih
Hurung Nangtung Siang Leumpang
Masagi Pinuh Pangarti
Resep Nulung ka Sasama
Pamuntangan Kadang Wargi

Yeuh Indung Tunggul Rahayu
Yeuh Bapa Karamat Hurip
Komara Masing Diriksa
Lampah Sing Janten Wawangi
Ka Bangsa tur Nagarana
Pieunteungeun Seuweu Siwi

Parancah Tina Pitutur
Disilibkeun Dina Dangding
Ku Bapa, Geulis Diriksa
Dijimatan ku Hariring
Ditumbal ku Ieu Tembang
Diruwat Tali Paranti