Kamis, 12 April 2012
Hijab Diri
Ari anu jadi hijab kana diri, lain gunung lain pasir, atawa laut sagara,
tapi lantaran kolbu belewuk, jadi buta jaladra, poek mongkleng buta
radin, kalimpudan ku napsu amarah, dipapaes ku goreng hate, komo deui
hiri dengki, hasud, takabur, asa aing uyah kidul.
Katipu
Kade
ulah rek katipu ku hejona
lautan,ulah kabita ku
rayuan ombak
lautan.hejo soteh rupana
da ari eusinamah matak
cilaka jeung matak
sangsara.sing rajìn
neangan ilmu,margi ilmu
anu bakal bisa
mentaskeun dina lautan
kahirupan.
ulah rek katipu ku hejona
lautan,ulah kabita ku
rayuan ombak
lautan.hejo soteh rupana
da ari eusinamah matak
cilaka jeung matak
sangsara.sing rajìn
neangan ilmu,margi ilmu
anu bakal bisa
mentaskeun dina lautan
kahirupan.
Dzikrul Maut
Wanci peuting nu ngajadi saksi, sepi jempling nu ngajirim jadi wawanti kana diri.
Mangsa nyorangan taya jalma anu lian, ukur sora engapan nu maturan, maksa rasa kana katangtuan tinu Maha Kawasa.
Ret ka sakuriling anu poek mongkleng buta radin.
Kaayaan nu sarupa niscaya bakal karandapan...
Naha urang geus siap nyinghareupan mangsa eta ??
Mangsa dimana raga papisah jeung nyawa, mangsa geusan mulang ka alam barzah, mangsa sanak kulawarga ngan bisa muragkeun cimata..
Tinggal amal nu dilakonan mangsa hirup kumelendang dialam dunya, nu baris nulungan.

Ulah Kapalang Sabar
Ulah nya kapalang sabar anaking, da kieu geus guratna ari hirup di alam
dunya mah, mun keur meujeuhna tunggara, sok nete semplek nincak semplak,
tong dijieun aral subaha, sumawona nyapa awak sorangan, eum..,ulah ulah
kitu jang!, angurmah urang pada sadar, prak aromean anu salah sangkan
bener, lempeungkeun anu bengkok, surupkeun jeung katangtuan tinu maha
kawasa, make cara nu katarima kurasa tur akal anu pinuh ku kasabaran.
Ngariung
Hayu batur urang ngariung, rempug jukung sauyunan dina jalan kahadean,
urang pada-pada silih wasiatan dina hal kasobaran tur hal bebeneran
(Haq), omat ulah salah harti tina kecap napsi-napsi, margi sok aya
sapalih jalmi nu cumarita 'ah napsi-napsi weh hirup mah, amal maneh keur
maneh amal urang keur urang'.
Harti napsi-napsi nu sayakti mah nyaeta dimana urang geus asup kana liang kubur, maot pingaraneun nana..,timimiti harita urang pada napsi-napsi nanggung jawab diri masing-masing kana amal perbuatan nu dilakonan samangsa hirup kumelendang dialam dunya.

Keur Budak Ngora
Kahade ka barudak ngora, sing rintih sing ati2 dina enggoning ngalengkah
ngambah kahirupan dijaman kiwari nu geus serba caranggih, rea pisan
dogdog pangrewongna jaman ayeunamah..,sasatna mah ulah haripeut ku
teuteureuyeun, loba halna nu ngan saukur tipu daya, temahna hirup matak
cilaka..
Takbir
Aweuhan sora takbiran titiap mushola, matak sumeblak kana manah..,
gumuruh sora bedug nu nyentug kana qolbu..,tihtir ngingkik ti
masjid-masjid matri kana ati sanubari...
TAKBIR>Mungguh Alloh nu maha agung, Dzat tempat sakabeh mahluk gumantung jeung menta pitulung, tina sagala rungrung kabingung.
TAHLIL>Taya deui pangeran anu haq disembah anging Alloh nu maha tunggal, taya nu nyasamian hal nuanyar jeung tisadaya mahlukna.
TAHMID>Sareng mung ka Alloh hungkul sumber sagala puji sareng hak nu dipuji, tina rupi2 sipat nu pantes dipuji.

Nu Taat
Umat taat
Imana kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syahadat Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Kahaji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat Bhatin wal afiat
Elmuna mangfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat Luhur martabat
Loba sobat
Mindeung tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Duniya nikmat Sugema akherat
Imana kuat
Tumut nasehat
Cekel amanat
Tara khianat
Yakinkeun syahadat Nanjeurkeun sholat
Puasa tamat
Mere zakat
Kahaji mangkat
Pamadegan tepat
Awak sehat Bhatin wal afiat
Elmuna mangfaat
Boga bakat
Gawe giat
Pagaweanna maslahat
Rezeki ningkat Tutulung rikat
Ka sasama hormat
Tara ngumpat
Tara maksiat
Alam dirawat
Masyarakat kabengbat Luhur martabat
Loba sobat
Mindeung tirakat
Salawasna tobat
Meunang rahmat
Duniya nikmat Sugema akherat
Gugur
Ulah gugur
samemeh tempur,
ulah perlaya
samemeh perang.
Indit ka medan jerit
ulah dengki,
lumampah ka
medan dadalaga
ulah dendam,
lumaku ka medan
tempur ulah ujub
samemeh tempur,
ulah perlaya
samemeh perang.
Indit ka medan jerit
ulah dengki,
lumampah ka
medan dadalaga
ulah dendam,
lumaku ka medan
tempur ulah ujub
Modal Hirup
“Modal HIRUP teh salah
sahijina nyaeta HURIP,
Tapi neangan HURIP teh
kudu ku HURUP,
Lain ku HAREP…”
Hartina:
Modal urang nyorang
HIRUP teh nyaeta HURIP
atawa kamakmuran
(kabeungharan), tapina
neangan HURIP teh kudu
ku HURUP, nyaeta ku
Elmu atawa Pangabisa.
Sedengkeun neang Elmu
teh kudu ku Maca (Iqro)
naon-naon nu aya
sabudeureun urang.
Neangan HURIP teh lain
ku HAREP, ngandung
harti nyaeta lain ku
Ngarep-ngarep atawa
Ngalamun atawa
Susuganan.
sahijina nyaeta HURIP,
Tapi neangan HURIP teh
kudu ku HURUP,
Lain ku HAREP…”
Hartina:
Modal urang nyorang
HIRUP teh nyaeta HURIP
atawa kamakmuran
(kabeungharan), tapina
neangan HURIP teh kudu
ku HURUP, nyaeta ku
Elmu atawa Pangabisa.
Sedengkeun neang Elmu
teh kudu ku Maca (Iqro)
naon-naon nu aya
sabudeureun urang.
Neangan HURIP teh lain
ku HAREP, ngandung
harti nyaeta lain ku
Ngarep-ngarep atawa
Ngalamun atawa
Susuganan.
Apal Kana Diri
Tunggul tong
dirurud, catang
tong dirumpak,
hirup katungkul ku
umur, paeh teu
nyaho dimangsa.
Sing inget kana
purwadaksi, purwa
wiwitan, daksi
wekasan. Hartina
sing apal kana diri,
asal timana?, cicing
dimana? Balik
kamana?
dirurud, catang
tong dirumpak,
hirup katungkul ku
umur, paeh teu
nyaho dimangsa.
Sing inget kana
purwadaksi, purwa
wiwitan, daksi
wekasan. Hartina
sing apal kana diri,
asal timana?, cicing
dimana? Balik
kamana?
Sarua Jeung Sa ati
Nyukcruk galur nu
kapungkur, mapay
laratan anu baheula,
nitih wanci nu
kamari, ninggang
mangsa nu
sampurna. Sanajan
urang beda tapi
sarua, sanajan teu
ngahiji tapi sa ati,
milari ridho gusti nu
Sajati.
kapungkur, mapay
laratan anu baheula,
nitih wanci nu
kamari, ninggang
mangsa nu
sampurna. Sanajan
urang beda tapi
sarua, sanajan teu
ngahiji tapi sa ati,
milari ridho gusti nu
Sajati.
Bakal Pinanggih Jeung Poe akhir
Urang teh bakal
pinanggih jeung
poe akhir, nu
ngandung harti poe
pamungkas, raga
ditinggalkeun
nyawa, maot
pingaraneunana.
Bakal digiring
kurung keur kuring,
bakal dibulen
saeneng-eneng,
bakal ngagebleg
deui jeung
mantena.
pinanggih jeung
poe akhir, nu
ngandung harti poe
pamungkas, raga
ditinggalkeun
nyawa, maot
pingaraneunana.
Bakal digiring
kurung keur kuring,
bakal dibulen
saeneng-eneng,
bakal ngagebleg
deui jeung
mantena.
Kadar Gusti
Saban-saban robah
mangsa ganti wanci ilang
bulan kurunyung taun,
sok mineng kabandungan
jelema, sanajan ngalamun
salaput umur, kahayang
patema-tema, karep
heunteu reureuh-reureuh.
dageuning nu bakal karasa
mah anging kadar ti
pangeran, manusa kadar
rancana, kabul aya tinu
Maha Agung, Laksana aya
tinu Maha Kawasa.
mangsa ganti wanci ilang
bulan kurunyung taun,
sok mineng kabandungan
jelema, sanajan ngalamun
salaput umur, kahayang
patema-tema, karep
heunteu reureuh-reureuh.
dageuning nu bakal karasa
mah anging kadar ti
pangeran, manusa kadar
rancana, kabul aya tinu
Maha Agung, Laksana aya
tinu Maha Kawasa.
Syrukur kana nikmat
Mun seug ditilik ditalungtik, diteuteup ditenget-tenget, nyata tur
pertela sampurna pisan Alloh Ta'ala nyiptakeun bentuk wujud urang.
Mata jeung awasna, ceuli jeung dengena, irung jeung ambeuna, letah jeung rasana..jeung rea-rea deui, tapi naha urang tara syukur, kana ni'mat anu sakieu gedena.
Kamomorekeun ku ni'mat leutik nu disebut DUIT, bari can tangtu eta duit bisa meuli kani'matan nu tadi ka sebut.

Ulah Ka jongjonan
Bulan teu datang nembongan siga anu keur pundung, peuting poek mongkleng
teu kaciri curuk-curuk acan, sora manuk incuing patembalan jeung buuek.
Mere pangeling-ngeling ka diri yen datangna ajal tara mere beja, datang sahayangna, norojol
nyokot bongohna.
Hudang-hudang, hudangkeun sukma anjeun ulah nepika jongjonan poho kanu Maha Agung.
Akherat pangbalikan urang sararea.

Enteng Jeung Bangga
Enteng jeung bangga kangangaranan ngalakonan hirup ngarumah tangga, bisa
kabayang nyandingkeun dua insan anu beda carita kahirupanana jeung
ngahijikeun dua kahayang anu beda.
Kaum la2ki kade sing bisa jadi imam, pamimpin rintih apik dina ngadi2k anu jadi istri anu mangrupi ti2pan ti Ilahi, anjeun bakal dipenta tanggunjawabna di dunya katut akherat.
Anu jadi istri kudu ajrih ka salaki, kudu tumut tur ngagugu kana pituduhna kalayan di dasaran ku kaikhlasan ngabdi ka salaki, bisa ngajaga kahormatan harkat martabat keluwarga.

Sabar
Sabar... sabar terus mecut diri, ngetrukeun elmu panemu nepika muduk,
meres tanaga nepika beak teu nyesa, pikeun ngalengkah ikhtiar...
Sanajan karasa gejed pajeujeut tetep nikreuh ngeureuyeuh ngusahakeun eusi beuteung, ulah dijieun pondok harepan...
Ulah kabita ku cangkang lobana dunya barana, nu bru dijuru bro dipanto, eta mah ngan saukur tetenjoan wungkul anu can karuhan karasa senang...
Tarimakeun n'ikmat nu hakekat, rizki anu hakiki... Sanyatana anu mawa urang ngarasa deukeut ngadeuheus ka Mantena, nyaeta Allah SWT.

Repok
Milih-milih rabi, milah - milah rasa, sing asak - asak nya ngejo, bisi
tutung tambagana, sing asak - asak nya nenjo, bisi kaduhung jagana.
Ceuk kolot baheula, lamun neangan pipamajikaneun atawa pisalakieun teh kudu neangan weton anu repok, contona weton minggu repokna ka weton rebo, sok padahal anu dimaksud repok didinya teh sau'ukur siloka, anu ku urang kudu di pikiran deui maksudna.
Rep mibanda harti eureun ngomong atawa jempe.
Pok mibanda harti cumarita atawa ngomong, tah lamun dilenyepan mah yen pilih genti, anu hiji ngomong, anu hiji jempe tinangtu moal aya pipaseaeun.

Indung
Kanyaahna nu jadi indung tara lipur ku waktu, tara pernah laas ku mangsa..
Timimiti janin dikandung, dina rahim, terus ngaborojol jadi orok, teras mangkat mangrupa budak, ngajangelek tepika gede.., malah najan geus pada rumah tangga boga kawajiban..
Kanyaah, kadeudeuh indung tetep nanceb, parat kanu jadi anakna..
Emh.., emaaa.., hampuraa.., rumasa anak geus joledar ma...

Langganan:
Postingan (Atom)