Senin, 09 April 2012

Rasa Cinta


Geus jadi katangtuan tinu maha kawasa
Yen hirup manusa dipapaes ku rasa Cinta
Anu asal mulana taya lian kaluar tina kokocoran Rohmat Pangeran

Ngan.., aya nganna..,
Manusa boga pamikiran anu sempit
Nganggap tur ngagunakeun eta ngaran cinta teh ngan saukur kana hal asmara dua pasang insan
Saleuheung mun kaituna eta asmara cinta teh dikadalian
Ditalian ku ka imanan tur diwengku ku atikan agama

Edas kaloloban eta rasa cinta sok ditumpakan ku hawa napsu syahwat anu bejad
Sok padahal mun rasa Cinta diguar leuwih lega
Tetela endahna kabina-bina lain pupulasan
Pareumna angkara murka papasean kulawarga bangsa katut nagara
Didadasaran ku ayana rasa cinta dina hate rahayatna

Sa galak-galakna macan moal tepika ngerekeb anakna sorangan
Taya lian ku ayana rasa Cinta dina eta hate macan ..

Tidak ada komentar:

Posting Komentar