Senin, 09 April 2012

Sumerah Diri


Gumelar di alam dunya ti mimiti gubragna bersih & suci
Nepika tungtung umur pinuh ku kokotor dunya
Kumelendang ngojayan rembetna sagara kahirupan
Kahirupan nu pinuh ku cucuk rungga, dodoja & cocoba

Aya mangsana raga teu walakaya
Raga ditalikung ku hawa nafsu nu aya dina diri
Hirup diudag kalangkang waktu nu teu karasa
Didodoho pati nu datangna pasti moal bisadisinglar
Poho ka diri ilang udagan Poho kawajiban salaku umatNA

Ka Gusti Nu Maha Suci sumerah diri
Meungpeung layung tacan surup
Tilem ti wayah sareupna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar