Senin, 09 April 2012

Kasasar


Paingan atuh paingan, loba jalma anu labuh 
Kana jurang ka hinaan dina lalampahan lalakon hirup
Hirup taya guna lir buah si malakama.
Diayonan matak cilaka teu diayonan da puguh maragana oge loba cucuk jeung batu seukeut

Malah aya kiyeu deuih.
Sing saha jalma nu kakara mangihan jati dirina atawa mingkin deukeut kanu kawasa 
Pasti leuwih loba dodojana

Paleubah diyeu urang kudu waspada teh.
Lamun tea mah baheula pernah ngalaman hirup
Nu ngarana tungul dirarung catang direumpak,
Tapi tara ka panggih jeung katunggaraan,
Meureunan etateh nu ngarana sungkunan tea tinu Maha Kawasa 
Di ayonan we meureunan sanajan lampah sasar oge

Di leunyeupan deui ku urang 
Eta ciri nu kawasa Teu nyaaheun ka urang 
Mun sagala ka hayang urang di cumponan.
Sabalikna 
Mun urang hese pakeun punsat bahan tea mah eta ciri nukawasa nyaaheun kaurang

kitu panginteun nya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar