Senin, 09 April 2012

Nanya kadiri


Lamun diri ngarasa benghar inget saha nu mere benghar ?
Lamun diri ngarasa pinter inget saha nu mere pinter ?
Lamun diri boga rasa pangkasepna inget saha anu mere eta kakasepan ?
Lamun diri boga rasa pangkuatna inget saha anu mere eta kakuatan ?
Lamun diri ngarasa pangbenerna inget saha anu ngatur ieu alam ?
Lamun diri asa pangkawasana inget saha anu maha kawasa ?
Lamun diri boga rasa panggeuliusna inget saha anu mere eta kageulisan?
Hoyong bagja atanapi cilaka ?
Geus boga bekel naon piken ngambah kahirupan anu langgeng di akherat engke ?
Hirup ulah kumaha engke tapi anu pas mah engke kumaha ?
Sombong adigung asa aing uyah kidul eweuh hartina
Someah hade gawe handap asor mere maweh kasasama jeung alus sujud kanu Maha nyiptakeun
Nyaeta Allah SWT

Nyaeta pisan anu kudu di aji jeung di uji nalika hirup di dunya ieu anu moal lila

Tidak ada komentar:

Posting Komentar