Sabtu, 07 April 2012

Hideng jeung Bodas

Asal muasalna bodas meni nyacas,
tuluy kakeclakan titik nu hideung,
Eta titik nu hideung katempo pisan ngabungkeuleukna,
Titik nu hideung diantep, tuluy nyerep ngilu nyampuran warna bodas,
alhasil warna bodas oge geus teu nyacas deui,
Clak...clak.., titik nu hideung daratang deui ninggang kana warna bodas nu geus teu nyacas,
tangtu eta titik nu hideung teh katempona geus teu pati ngabungkeuleuk teuing,
Lila kalila eta warna bodas bakal rubah salin rupa jadi hideung,
Mun geus jadi hideung, nalika sakali waktu kadatangan nu bodas,
nu hideung bakal ngarasa aneh jeung teu narima,
padahalmah nu hideung oge asal muasalna mah bodas ....

Tidak ada komentar:

Posting Komentar