Teu bisa disumput-sumput, teu bisa dibuni-buni, kiwari kondisi nagri ibu
pertiwi keur aya dina prihatin, kaayaan bangsa keur aya dina
kanalangsaan..
Gamblang tur nyata tikawitan para pangurus
nagara tepika rahayatna keur meujeuhna pagaliwota ngajaga kahormatan lan
kasalametan dirina tina hariwangna sieun kakurangan rijki di dunyana...
Mun seug urang daek ngaku kalawan jujur, rasa "sieun", nu ngabalukarkeun iyeu kaayaan teu bisa dikadalian..
sieun teu dahar
sieun teu beunghar
sieun malarat
sieun kalaparan
sieun teu kaangkat jadi pejabat
sieun..sieun..jeung sakabeh kasieun ku masalah dunya.
Rasa sieun nu eta nu ngompa, ngadorong kabeh jelema pikeun ngerahkeun
sagalarupa cara jeung pangabisana pikeun usaha neangan harta anu
saloba-lobana..
Ngan edas rasa kasieun eta teu diimbangan ku
kasieun nyinghareupan siksa kubur, teu diimbangan ku kasieun
nyinghareupan panasna seuneu naraka..
Tah mun geus kitu kayaanana, iyeu balukarna nu kaalaman ku urang salarea..
Hirup jauh tina katenangan jeung katengtreman, padahal cicing dina kamewahan, kagampangan, kasenangan..
Yu ah...., meujeuhna urang salarea baralik deui kana jalan anu utama,
jalan anu nuju kana kabagjaan anu sautuhna, jalan anu teu ngajadikeun
kasenangan dunya pikeun tujuan utama..
Dunya cukup dijadikeun alat jang ngahontal kabagjaan anu langgeng jaga di Akherat...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar