Senin, 09 April 2012

Kahayang jeung Kaembung


Tetela, saenyana, sabenerna ...
Geuning hirup mah teu bisa nuturkeun jeung mikeukeuh nu ngaran "kahayang" jeun "embung"
Usik malik raga, renghap ranjug hawa, rasa mirasa, geuning lain urang nu ngawasa
Nganteur kahayang geus tangtu pasti nyorang siar lumampah neangan cara
Duka tinekanan jeung bagja, ulah henteu baris pinanggih nyeri kuciwa
Sabalikna ...
Keukeuh mikaembung kana hiji perkara
Da sieun teu ngeunah nandangan rasa, da sieun ku sagala hal anu teu bisa ditarima,
Da inggis nyeri, da hariwang era, da teu hayang susah, da palias sangsara, da ijid dipikahina...

Geuningan duanana oge ngan ukur siloka
Keur nanjeurkeun lilingeran kasadaran manusa dina fitrahna
Euweuh seubeuh, teuaya wareg, jeung teu kudu salempang ku sagala pasipatan kadunyaan
Ulah kabobodo tenjo Ulah kasamaran tingal
Duka isuk duka pageto, duka iraha, teuaya nu uninga
Urang bakal leupas tina inget malik poho leungit kahayang, kaembung jeung panenjo
Iwalti nyanghareupan sesa kasadaran diri jeung nu miboga Ciciptaan sang murbeng alam
Samemehna disolatan ...

Bral diri, geura prak miang, neangan jalan nu caang pikeun pangbalikan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar