Senin, 09 April 2012

Jimat Hariring


·         Neda Widi Ka Nu Agung
Neda Asih Maha Suci
Pangriksa Maha Kawasa
Pangaping Paraji Sakti
Pangruwat Karuhun Sunda
Nyanggakeun ieu Pangbakti

Pangbakti Jadi Piwuruk
Papagah ka Utun Injih
Pibekeleun Hidep Jaga
Neng Galuh Kumala Murti
Nu Medal ka Panca Tengah
Masing Diaping Dijaring

Waluya Anu Dipundut
Rahayu Nungkupan Diri
Tebih Tina Duruwiksa
Cageur Lahir Bageur Batin
Bener Perbawa Asalna
Ginuluran Asih Gusti

Gusti Anu Dipituhu
Kudrat-Na Hidep Ngajadi
Hirup Hurip ti Anjeuna
Sing Apik Metakeun Diri
Di Dunya Ukur Ngumbara
Poma Hilap Purwadaksi

Purwa Mawa Pangaweruh
Daksina di Alam Mulki
Mulki teh wujudna Dunya
Dunya Ageung Dunya Alit
Sadaya Tunggal Mahlukna
Tempat Hidep Nyiar Harti

Kotektak Harti sing Luhung
Karatak Harta sing Sugih
Hurung Nangtung Siang Leumpang
Masagi Pinuh Pangarti
Resep Nulung ka Sasama
Pamuntangan Kadang Wargi

Yeuh Indung Tunggul Rahayu
Yeuh Bapa Karamat Hurip
Komara Masing Diriksa
Lampah Sing Janten Wawangi
Ka Bangsa tur Nagarana
Pieunteungeun Seuweu Siwi

Parancah Tina Pitutur
Disilibkeun Dina Dangding
Ku Bapa, Geulis Diriksa
Dijimatan ku Hariring
Ditumbal ku Ieu Tembang
Diruwat Tali Paranti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar