Senin, 09 April 2012

Prak Geura Hudang

Poe munggaran dina taun anu anyar
Dipapaesan ku ngaririncikna hujan
Dirarangkenan ku angkeubna tetempoan
Tapi mudah-mudahan iyeu lain totonden anu goreng lain pertanda anu sulaya
Najan kaayaan jaman nu rek disinghareupan kasawang bakal leuwih loba tantangan
Teu pantes mun urang kudu serah bongkokan
Geuingkeun diri nu sumingki, hudangkeun awak nu humandeuar
Nu ngarasa wegah hoream nyanghareupan kahirupan nu bakal kasorang
Surtikeun ati ku paninggali nu taliti, pinuhan manah ku pangharepan jeung kayakinan
Welas asihna Pangeran moal laas ku jaman, salawasna bakal masihan kamudahan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar